Kalimat Pagawean

Kalimat Pagawean

Topik basa Sunda
  • Sajarah
    • Éjahan
  • Tata basa:
    • Kalimah * Klausa * Frasa
    • Kecap *Sora
  • Pakeman basa:
    • Paribasa * Babasan
    • Uga * Cacandran * Caturangga
    • Rakitan lantip
  • Gaya basa
  • Tatakrama
  • Aksara Sunda
  • Kongrés

Kotak ieu:tempo

sawala

édit

Wangun Kalimah

[édit
|
édit sumber]

Kalimah Salancar

[édit
|
édit sumber]

Kalimah salancar
diwangun ku hiji jejer (J) jeung hiji caritaan (C).

  • Upama kalimah salancar diwuwuhan ku katerangan, hiji atawa leuwih (K+), ieu kaasup kana
    Kalimah Salancar Jembar.
  • Upama jejer atawa caritaan wungkul, atawa diwuwuhan ku obyék, hiji atawa leuwih (O+), ieu kaasup kana
    Kalimah Salancar Basajan.
Kalimah Salancar Pola Conto
Basajan J C (O+)
(1) Kuring / dahar
J + C
(2) Habibie / maréntah / nagara
J + C + O
Jembar (Chiliad+) J C (O+) (K+)
(1) Kuring / dahar / di kebon.
J + C + K
(two) Habibie / maréntah / nagara / sataun lilana.
J + C + O / Thou
(3) Ti taun 1998 / Habibie / maréntah / nagara.
K + J + C + O
(iv) Ti taun 1998 / Habibie / maréntah / nagara / sataun lilana.
One thousand + J + C + O / K

Dina
kalimah salancar jembar, rupa-rupa katerangan anu bisa diwuwuhkeun bisa dipasing jadi sababaraha rupa, nyaéta

  • katerangan waktu, maké kecap-kecap panuduh waktu saperti
    kamari,
    ayeuna,
    isuk,
    wanci,
    jam, jsb.
  • katerangan tempat:

    • maké kecap-kecap pangantét:
      ti,
      di,
      ka,
      nepi ka,
      dina.
    • maké kecap-kecap rundayan rarangkén tukang -eun:
      hareupeun,
      wétaneun,
      katuhueun, jsb.
  • katerangan tujuan, maké kecap-kecap pangantét:
    pikeun,
    demi,
    enggoning.
  • katerangan alat, maké kecap-kecap pangantét anu hartina
    maké:
    ku,
    kana.
  • katerangan sabab, maké kecap-kecap pangantét:
    sabab,
    lantaran
  • katerangan babandingan, maké kecap-kecap pangantét:
    jiga,
    kawas,
    saperti,
    cara
  • katerangan panyarta, maké kecap-kecap
    jeung,
    babarengan jeung, dituturkeun ku barang anu boga nyawa atawa dianggap boga nyawa.


Kalimah Ngantét

[édit
|
édit sumber]

Kalimah ngantét
(id:kalimat majemuk) diwangun ku dua kalimah atawa leuwih anu dikantétkeun atawa diréndonkeun. Dumasar kana susunanana, aya dua rupa kalimah ngantét:

  • Kalimah ngantét satata, nyaéta upama kalimah-kalimah panyusunna satata atawa sadarajat.
  • Kalimah ngantét séler-suméler, nyaéta upama aya kalimah luluguna jeung aya kalimah sélérna.

Kalimah ngantét satata
ngabogaan pola: p(K+) p(J+) C p(O+) p(K+)

Gumantung kana kecap panyambungna (p), bisa disusun sababaraha hubungan:

Hubungan Conto
one. Hubungan nambah

  • … jeung …
  • … sarta …
  • boh …, boh …
  1. Kuring dahar sangu
    jeung
    tahu.

    • Kuring dahar sangu.
    • Kuring dahar tahu.
  2. Dédi resep ngojay,
    boh
    keur leutik kénéh,
    boh
    geus kolot.

    • Dédi resep ngojay keur leutik kénéh
    • Dédi resep ngojay ayeuna geus kolotna.
2. Hubungan lalawanan

  • lain … baé/wungkul, tapi … (deuih)
  • …, tapi …
  1. Anu nyaho kana paripolahna téh
    lain
    kuring
    baé, tapi
    babaturan sasakola
    deuih.

    • Anu nyaho kana paripolahna téh kuring.
    • Anu nyaho kana paripolahna téh babaturan sasakola.
3. Hubungan pilihan

  • … atawa …
  1. Kuring téh bingung kudu indit ayeuna
    atawa
    isukan.

    • Kuring téh bingung kudu indit ayeuna.
    • Kuring téh bingung kudu indit isukan.


Dina
kalimah ngantét sélér-sumélér, kalimah lulugu nyaéta anu ngabogaan pola samodél kalimah salancar. Sedengkeun kalimah sélérna ngabogaan fungsi pikeun ngajembaran salah sahiji élémén kalimah lulugu, bisa dina jejerna, obyekna, atawa kateranganana. Contona, (A) Awéwé téh maké baju batik. (B) Awéwé téh geulis kacida.

Gumantung kana kumaha nyélérkeunana, (A) atawa (B) bisa jadi kalimah lulugu.

  • (A) jadi kalimah lulugu: “Awéwé
    anu
    geulis kacida téh maké baju batik.”
  • (B) jadi kalimah lulugu: “Awéwé
    anu
    maké baju batik téh geulis kacida.”

Gumantung kana kecap panyambungna (p), bisa disusun sababaraha hubungan:

Hubungan Conto

one. Hubungan waktu:
saprak,
ti mimiti,
basa,
nepi ka,
saméméh,
sanggeus,
waktu, jsb.

  1. Kuring keuna ku panyakit
    saprak
    jalan-jalan ka Talaga Bodas.

    • Kuring keuna ku panyakit. (lulugu)
    • Kuring jalan-jalan ka Talaga bodas. (sélér)
  2. Nepi ka
    karéta balik deui ka kota, manéhna tetep nungguan.

    • Manéhna tetep nungguan. (lulugu)
    • Karéta balik deui ka kota. (sélér)
2. Hubungan sarat:
saupama,
lamun,
asal, jsb.
Manéh pasti junun sakola
lamun
diajarna rajin.
3. Hubungan tujuan:
sangkan,
supaya,
ambéh
Ambéh
teu ceurik deui, budak téh dipangku geura.
4. Hubungan babandingan:
saperti,
ibarat,
kawas,
tibatan
five. Hubungan sabab:
sabab,
lantaran,
alatan
6. Hubungan akibat:
nepi ka,
akibatna,
nu matak,
ku kituna
vii. Hubungan cara:
kalawan,
ku cara,
bari
8. Hubungan kanyataan:
padahal,
ari,
sedengkeun
9. Hubungan pangjéntré
yén
10. Hubungan atributip:
anu …,
nu …-na
11. Hubungan konsésip:
sanajan,
sakumaha/kalah kumaha/naon/saha .. (baé) ogé

Fungsi Kalimah

[édit
|
édit sumber]

Kalimah Wawaran

[édit
|
édit sumber]

Dina conto-conto kalimah salancar jeung kalimah ngantét saacanna, kabéhanana mangrupa
kalimah wawaran, nyaéta kalimah anu ngawawarkeun atawa ngabejaan ka batur ngeunaan hiji kajadian atawa kalakuan. sedengkeun ari kalimah wawaran dina basa sunda teh dibagi jadi dua rupa, nyaeta wawaran basajan jeung wawaran jembar.

Kalimah Pananya

[édit
|
édit sumber]

Kalimah pananya
nyaéta kalimah anu mibanda fungsi pikeun nanyakeun hiji hal, bisa mangrupa jalma, kajadian, kalakuan, sabab, jsb.

Pikeun ngawangun kalimah pananya, aya sababaraha cara:

(1) Lentong (id:intonasi) dirobah jadi lentong kalimah pananya jeung dina tulisan ditungtungan ku tanda tanya.

  • Wawaran: Baheula Habibie téh présiden.
  • Pananya: Baheula Habibie téh présiden?

(two) Maké kecap
naha enya
di hareupeun kalimah wawaran.

  • Wawaran: Baheula Habibie téh présiden.
  • Pananya:
    Naha enya
    baheula Habibie téh présiden?

(3) Malikkeun susunan kalimah wawaran, anu asalna J C, jadi C J.

  • Wawaran: Habibie téh présiden.
  • Pananya: Présidén Habibie téh?

(4) Maké kecap pananya, gumantung kana anu rék ditanyakeunana.

Wawaran: Baheula Habibie téh présiden di Indonésia
Pananya jalma:

  • Saha
    présiden di Indonesia baheula téh?
  • Présiden di Indonesia baheula téh
    saha?
Pananya waktu:

  • Iraha
    Habibie téh présiden di Indonesia?
  • Habibie téh présiden di Indonesia
    iraha?
Pananya tempat:

  • Di mana
    Habibie téh présiden?
  • Habibie téh présiden
    di mana?
Atawa pananya séjénna, maké kecap:
kumaha,
naha, jsb.

(five) Maké kecap
lain
atawa
sanés
(ragam hormatna)

  • Baheula Habibie téh présidén di Indonesia,
    lain?
  • Baheula Habibie téh présidén di Indonesia,
    sanés?

pananya jalma:

saha mamah na aji?
saha nuteu milu upacara poe senen kamari?


Kalimah Paréntah

[édit
|
édit sumber]

Kalimah paréntah nyaéta kalimah anu eusina mah nitah ka nu lian sangkan migawe pagawéan. Kalimah parentah sok ditungtungan ku tanda panyeluk (!)

Kalimah parentah bisa dipasing-pasing jadi sababaraha bagian, saluyu jeung eusi atawa maksud nu dikandungna:

A. Kalimah Panitah

[édit
|
édit sumber]

Contona:

  • Tutupkeun pantona, Mang!
  • Pareuman televisi teh!
  • Cangcang domba teh!

B. Kalimah Pangajak

[édit
|
édit sumber]

Contona:

  • Jun, maen bal, yu!
  • Meuli tahu, yu ah!
  • Hayu urang diajar ngadongeng!

C. Kalimah Pangharepan

[édit
|
édit sumber]

  • Mugi anjeun enggal damang.
  • Muga-muga urang jadi juara kahiji.
  • Mugi-mugi sadaya siswa Viii tiasa naek kelas.

D. Kalimah Panyaram

[édit
|
édit sumber]

  • Ulah diuk di jalaneun, atuh!
  • Ulah kitu, atuh!
  • Teu kenging hitut di kelas, bau!

E. Kalimah Pangjurung

[édit
|
édit sumber]

  • Jung geura salin ari rek milu ka Bogor teh.
  • Sok geura diajar ti ayeuna!
  • Bakal dipasihan geura upami nyuhunkeun mah.

F. Kalimah Panggeuri

[édit
|
édit sumber]

  • Anu sabar we, lamun bapa anjeun keur teu damang.
  • Sing tabah, nya, urang mah jalma teu boga.
  • Sabar, nya, lamun nyanghareupan masalah teh.

Wanda Kalimah

[édit
|
édit sumber]

Kalimah Aktip jeung Pasip

[édit
|
édit sumber]

1. Kalimah aktif nyaéta kalimah anu jejerna migawé hiji pagawéan.

Contona: Titi meuli daging.

2. Kalimah pasif nyaéta kalimah anu jejerna kakeunaan hiji pagawéan.

Contona: Daging dibeuli ku Titi.


Kalimah Resiprokatif/Babalesan

[édit
|
édit sumber]

Kalimah resiprokatif nyaéta kalimah anu subyekna migawe pagawéan kalawan pabales-bales. titénan contona:

  • Dion jeung Doni mah silih toel.
  • Ulah silih ciwit baé bisi ceurik.
  • Saha éta nu keur patarik-tarik lumpat di lapang?

Kalimah-kalimah di handap téh nuduhkeun pagawéan anu pabales-bales. Rarangken anu digunakeun dina caritaan kalimah nyaéta
silih-
jeung
pa-
+
dwilingga

Kalimah Langsung jeung Teu Langsung

[édit
|
édit sumber]

  1. Kalimah langsung nyaéta kalimah nu dikedalkeun langsung ku panyaturna. Kalimah langsung sok ditulis (dihapit) maké tanda kekenteng (“…”)

Conto: Ceuk Icih, ” Jang, pangmeserkeun patlot ka warung!”

  1. Kalimah teu langsung nyaéta kalimah anu heunteu dicaritakeun langsung ku panyaturna, sipatna naratip (nyaritakeun)

Conto:Icih nitah ka si Jajang yén manéhna hayang dipangmeserkeun patlot ka warung.

Kalimah Transitip jeung Intransitip

[édit
|
édit sumber]

Kalimah Transitip nyaéta kalimah anu caritaanna merlukeun Udagan (Objek) Conto : Nuni/S nuju maca/P buku/O

Kalimah Intransitip nyaéta kalimah anu caritaanna teu merlukeun ayana Udagan (Objek) Conto : Itoh/S nuju maca/P

Kalimah Sampurna jeung Teu sampurna

[édit
|
édit sumber]

Warna Kalimah

[édit
|
édit sumber]

Kalimah Barang

[édit
|
édit sumber]

Kalimah barang nyaéta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap barang.
Conto:

  1. Si Udin téh jadi
    panumbu catur
    dina acara paturay tineung.
  2. Singhoréng bapana téh
    dokter.
  3. Témbokna
    beton
    kabéh.


Kalimah Pagawéan

[édit
|
édit sumber]

Kalimah pagawéan nyaéta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap pagawéan.
Contona :

  1. Budak keur
    dahar.
  2. Nina
    ceurik.
  3. Barudak sakola keur
    dialajar.

Kalimah Sipat

[édit
|
édit sumber]

Kalimah sipat nyaéta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap sipat atawa kaayaan.
Contona:

  1. Buluna
    bodas.
  2. Budak téh
    bageur.
  3. Dudu
    gering.

Kalimah Bilangan

[édit
|
édit sumber]

Kalimah bilangan nyaéta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap bilangan.

Contona:

  1. Paingan anakna
    loba.
  2. Daharna téh ngan ukur
    sapiring
    leutik.
  3. Jerona
    kurang leuwih 1000 méter.


Kalimah Pangantét

[édit
|
édit sumber]

Kalimah Pangantet nyaéta kalimah anu caritaanana ngandung kecap pangantet.

Conto kecap pangantet:

• Ti
( dari )

• Pikeun
( untuk )

• Siga
( seperti )

-Jaketna *tina* kulit =

-Baju seragam téh aya *dina* lomari =

-mahmud *siga* bapana =



Kalimat Pagawean

Source: https://su.wikipedia.org/wiki/Kalimah_(Basa_Sunda)

Baca Juga :   Wilayah Indonesia Yang Memiliki Terumbu Karang Untuk Objek Wisata Adalah