Rek Kamana
Rek Kamana
JAKARTA, celebrities.id –
Kamu perlu tahu bahwa cerita pendek (Cerpen) bahasa Sunda merupakan bentuk karya tulis prosa modern yang ditulis oleh pengarang. Cerpen satu ini tentu berbeda dari tulisan fiksi lainnya.
Hal ini dikarenakan bahwa bahasa dan tutur kata yang dibuat menggunakan bahasa Sunda. Bagi kamu yang memahami bahsa Sunda pasti akan tergugah untuk melihat dan membaca karya tulis sastra modern satu ini. Sebab penulisan cerpen bahasa Sunda masih banyak orang yang tidak bisa membuatnya karena keterbatasan pengetahuan bahasa.
Namun jangan khawatir, sebab celebrities.id, Senin (19/9/2022) akan membantu memberikan beberapa contoh cerita pendek Bahasa Sunda berikut ini.
Deretan Contoh Cerita Pendek Bahasa Sunda
1. Carpen Sunda Babaturan (Ku Kustian)
Dina hiji wanci, aya dua babaturan anu rakeut kacidaan nya éta Dinda jeung Rani. Maranéhna ngabatur geus 3 taun lilana. Malih kalah loba ogé jalma anu nganggap manéhna téh duduluran, da saking akrabna. Unggal isuk saencan mangkat ka sakola, Dinda sok nyampeur ka imah Rani sangkan bisa mangkat babarengan ka sakola.
Beurangna manéhna boga jangji yén balik sakola téh rék nyimpang heula ka super markét nu teu jauh jeung sakolana. Manéhna kadinya téh boga maksad rék meulikeun kuéh jeung baju keur ninina si Dinda. Ari ninina si Dinda téh jalma bageur, akuan pisan ari ka Rani téh, sanajan lain cucuna ogé. Lain éta hungkul, kadang mah ninina Dinda ogé sok meré naséhat jeung duit jajan ka maranéhna duaan.
Wanci geus nunjukeun jam 3 soré, tapi Rani tin can aya kenéh waé kabarna, Dinda ngadagoan di gang sakola bari maca novél nu di bawa dina tasna. Maca novél téh émang ka résep Dinda, béda jeung Rani mah anu leuwih resep maén baskét.Sanajan béda karesep, tapi manéhna kacida akurna. Lamun aya latihan baskét di sakola, Dinda sok satia ngadagoan Rani latihan, bari ku hayang-hayangna balik babarengan, kitu ogé sabalikna.
Teu karasa wanci geus nunjukeun jam setengah opat, “Aduh si Rani kamana nya?, Tanya Dinda dina jéro haténa” Dinda ngarasa bingbang ku sabab geus three jam setengah manéhna ngadagoan si Rani can aya kabar kénéh waé.
Teu kungsi lila aya sora “Dinda…!“ Jol wéh saurang rumaja bari lulumpatan nyamperkeun ka si Dinda. “Hampura, bieu kuring di titah ngabersihkeun lapangan heula saencan balik sakola, sabab poho can ngerjakeun tugas matematika“ Tembal Rani tandes naker.
Bari rada ngambek jeung campur karunya sageus ngadéngé alésan ti Rani, ahirna maranéhana jadi ogé mangkat ka super markét. “Ceuk urang ogé lamun aya pancén di sakola, geura buru gawékeun petingna” Dinda meré naséhat ka Rani bari rada ngambek saeutik.
Sateupina di tempat nu dituju, manéhna tuluy meuli kuéh jeung pulah pilih naon sakirana kado anu pantes keur ninina si Dinda. Dinda jeung Rani ahirna meulikeun baju keur hadiah nu rék manéhna belikeun ka ninina. Baju nu dipilih warna konéng, sabab nyocokeun jeung warna kulit Nini, béh rada ca’ang mereun pikirna téh nu nyieun manéhna ngarasa éta hadiah anu paling cocok keur manéhna belikeun jang ninina.
Keur Rani, Ninina Dinda geus dianggap Ninina sorangan, ku sabab Ninina si Dinda sok nyaruakeun rasa nyaah jeung kaasihna ka manéhna, Rani mikanyaah pisan ka kaluargana Dinda. Keur Rani, ngaluarkeun duit sakitu teu jadi masalah asalkeun nini atawa kaluarga Dinda nu lain bisa bungah. Saréngséna ngabelanjakeun kabutuhan naon waé nu maranéhna hayang, manéhna tuluy balik sabab maranéhna geus didagoan di imah Dinda. Kusabab kitu, maranéhana buru-buru balik. Sateupina di imah, manéhna geuwat disambut ku kaluarga Dinda.
Kaluarga Dinda geus nganggap Rani téh salaku kaluargana. Salain bageur, kaluarga Dinda ogé sok nengetan ka Rani. Rasa ka kaluargaan anu teu bisa dibeunangkeun di kaluarga Rani, bisa dibeunangkeun di keluarga Dinda. Uyuhan, da atuh Rani mah ngan ukur cicing duduanan jeung bapana. Salain kitu, bapa Rani mindeng mamangkatan gawé baé ka luar kota. Jadi, Rani sok ngarasa kasepian lamun aya di imah.
Indungna geus lila papisah ti mimiti Rani umur 11 taun. Sa geus bapa jeung indungna pisah, Rani geus tara kapanggih deui jeung indungna. Ku sabab kitu ogé, Dinda sok aya waé di dekeut Rani, sabab manéhna embungeun lamun babaturana ngarasa kasepian, sabab pikirna ari babaturan mah lain ukur di ucapkeun, tapi kudu dibuktikeun kalayan nyata.
two. Contoh Cerita Pendek Bahasa Sunda Nyieun Endog Gulung
Dinten Minggu kamari, abdi sareng rerencangan ngadamel endog gulung. Abdi, Ahmad, sareng Asep sasarengan minangka hiji kelompok. Tugas ieu kaitung gampil kusabab bahan-bahanna oge kawilang babari dipilarian sareng hargana teu awis.
Abdi jeung Ahmad sasarengan angkat ka bumi Asep dinten Minggu sore kanggo ngadamel endog gulung. Artos sadayana parantos disiapkeun samemehna, kitu oge sareng parabotan masakna.
Teu pati ngantosan lami, Ahmad jeung Asep angkat meser bahan-bahan ka warung sedengkeun abdi ngantosan di bumi Asep sabari nyiapkeun alat-alatna. Tau kungsi lila, Ahmad jeung Asep torojol uih ti warung.
“Hayu buru, urang geura langsung bae ngadamel endog gulung bisi kaburu maghrib!”, ceuk abdi make nix nu rada teges. Singket carita, endog didadar ditambih bumbu-bumbu. Di tempat sejenna teu jauh ti abdi ngadadar endog, minyak goreng luhureun katel geus panas. Ari geus kitu mah langsung bae eta endog nu didadar teh diasupkeun kana katel tuluy digulung-gulung make kai samodel tusuk sate.
“Yeuh, jadi, euy,” Ahmad surak lantaran endog gulung jieunan manehna geus jadi.
Kitu oge endog gulung jieunan Asep nu katinggalina ngeunah sabab dibere saos. Sanggeus rengse, kabeh endog gulung nu geus kakumpul difotoan yen jadi bukti ka guru.Rasa endog gulung lain jadi partimbangan nu dinilai ku guru kusabab geus diwanti-wanti panilaian diitung tina kerja sama jeung hasil.
3. Contoh Cerita Pendek Bahasa Sunda Tentang Pemuda Naik Mobil Taksi
Naik Mobil Taksi
Dina hiji waktu, di caritakeun aya tilu urang budak ngora nu beuki nginum. Maranéhana téh keur arénjoy bari sasarandéan nyampai di sisi jalan. Matana barereum, kitu ogé sarua jeung bengeutna lantaran geus pararah narenggak botol.
Carita Lucu carpon pamuda naek mobil taksiAri ka tilu budak ngora éta caritana arék naraék mobil taksi. Nah tos kitu, teu lila aya ogé léwat mobil taksina, nya tos atuh langsung di ereunkeun ku tiluan budak ngora anu tos narenggak botol éta téh. Ceuk supir taksina téh na jéro haténa: “Anyir.. ieu barudak ngora téh marabok waé pagawéannana, ku aing gawéan siah..!”
Tah geus kitu, ararasup tah budak ngora téh nu titiluanan ka jéro taksi. Sangges di jéro taksi, si supirna langsung ngahurungkeun mesin mobilna bari di gerung gerungkeun sakedeung geus kitu dipareman deui. Ceuk supirna téh: “Atos nepi a, mangga atuh sok geura tarurun..!!”
Nah, percaya wéh ari éta barudak ngora téh lantaran geus pararah. Budak ngora nu ka hiji turun bari mayar, kitu ogé budak ngora nu ka dua, turun bari sasalaman jeung ngomong nuhun ka supirna si éta mah.
Nah, pas giliran budak ngora nu ka tilu, manéhna mah turun bari ambeuk-ambeukan nyarékan jeung nyabok beunget supirna, bari ngomong: “Engké deui mah mun mawa taksi téh ulah ngebut-ngebut teing geura satéh, bahaya! Kalem wéh atuh.!” Ceuk supir taksina téh: “Dasar jelema garering siah!!!” *PloKk*
Rek Kamana
Source: https://www.celebrities.id/read/contoh-cerita-pendek-bahasa-sunda-o82uc7