Jauh Ka Bedug

Jauh Ka Bedug

Kumpulan Pribahasa, Babasan, Paribasa Sunda Jeung Hartina

  • Adab lanyap
    Jiga nu handap asor, daek ngahormat ka batur, boga hate luhur, tapi tungtungna sok ngarunghak jeung kurang ajar, anu tungtungna batur loba nu teu resepeun.
  • Adam lali tapel
    poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
  • Adat kakurung ku iga
    adat nu hese digantina.
  • Adean ku kuda beureum
    beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.
  • Adigung adiguna
    gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.
  • Agul ku payung butut
    ngagulkeun luluhur sorangan.
  • Akal koja
    pinter dina kagorengan atawa kajahatan.
  • Aki aki tujuh mulud
    lalaki nu geus kolot pisan.
  • Aku aku angga
    ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibandangaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan atawa kauntungan.
  • Aku panggung
    darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.
  • Alak-alak cumampaka
    resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.
  • Alak paul
    tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
  • Alus panggung = alus laur hade ome
    tegep dedeg pangadegna.
  • Ambek nyedek tanaga midek
    ari napsu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri
    napsu kapegung.
  • Ambekna sakulit bawang
    gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.
  • Anak puputon
    anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.
  • Anjing ngagogogan kalong
    mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun (Mikahayang nu moal bakal kasorang).
  • Ari diarah supana, kudu dipiara catangna
    Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener.
  • Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed
    ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh.
  • Asa dijual payu
    ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.
  • Asa ditonjok congcot
    meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.
  • Asa ditumbu umur
    Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena.
  • Asa nanggeuy endog beubeureumna
    kacida nyaahna.
  • Asa potong leungeun katuhu
    leungiteun jalma nu pohara hade galena.
  • Ati mungkir beungeut nyinghareup
    palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi henteu.
  • Aub payung, sabet panon
    sabasoba wewengkon, ngeunaan tanah.
  • Aya astana sajeungkal
    anu mustahil oge oge bisa kajadian.
  • Aya bagja teu daulat
    arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.
  • Aya di sihung maung
    Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.
  • Aya hate kadua leutik
    naksir.
  • Aya jalan komo meuntas
    aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun.
  • Aya jalan komo meuntas
    Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
  • Aya jalan komo meuntas
    eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.
  • Aya peurah aya komara
    aya harega, aya pangaji.
  • Aya nu dianjing cai
    Aya nu diarep-arep atawa digeroan.
  • Ayakan tara meunang kancra
    nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.
  • Baleg tampele
    ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede keneh kaera.
  • Bali geusan ngajadi
    tempat dilahirkeun.
  • Balung kulit kotok meuting
    teu eureun eureun nyeri detest ti baheula nepi ka kiwari.
  • Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan
    beak karep ku rido jeung beresih hate.
  • Banda tatalang raga
    lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras.
  • Belang bayah gindi pikir
    boga pikiran goreng ka papada kawula.
  • Bengkung ngariung bongkok ngaronyok
    babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.
  • Beurat birit
    hese jeung sungkan dititah.
  • Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana
    pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali.
  • Beureum paneureuy
    seuseut batan neureuy keueus hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.
  • Beuteung anjingeun
    ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.
  • Bilih aya turus bengkung
    Bisi salah pokpokanana.
  • Biwir nyiru rombengeun
    resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.
  • Biwir nyiru rombengeun
    Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh nu batur.
  • Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah
    henteu milu milu kana tanggung ajwabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian.
  • Bluk nyuuh blak nangkarak
    Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.
  • Bobo sapanon carang sapakan
    aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.
  • Bobor karahayuan
    henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
  • Bobot pangayun timbang taraju
    kabeh anu dipigawe kudu pinuh tinimbangan.
  • Bonteng ngalawan kadu
    nu leutik ngalawan nu gede.
  • Buburuh nyatu diupah beas
    nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.
  • Budi santri, legeg lebe, ari lampah euwah euwah
    Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.
  • Buluan belut, jangjangan oray
    pamohalan kajadian.
  • Bungbulang tunda / tunda talatah
    lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka batur.
  • Buntut kasiran
    koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbere.
  • Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang
    ginding, loba pakean anu aralus dipake.
  • Buruk buruk papan jati
    ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh.
  • Caang bulan dadamaran
    migawe nu kurang mangpaat.
  • Cacag nangkaeun
    Hanteu beres, hanteu rata, henteu sampurna.
  • Cangkir emas eusi delan
    omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi hatena jahat jeung matak bahaya ka urang.
  • Cara bueuk meunang mabuk
    ngeluk bae, teu lemek teu carek, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab era tawa sieun.
  • Cara gaang katincak
    anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.
  • Cara jogjog mondok
    carekcok bae, mani gandeng nacer.
  • Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung
    Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.
  • Cecendet mande kiara
    Nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar.
  • Ceuli lentaheun
    Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan eta beja teh bener henteuna.
  • Cicing dina sihung maung
    Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.
  • Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok
    Ku dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila lila jadi bisa (najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa).
  • Cileuncang mande sagara, cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung
    Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.
  • Ciri sabumi cara sadesa
    beda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana.
  • Clik putih clak herang
    Kaluar tian detest anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.
  • Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna
    Kumaha arek bageurna dinu ajdi anak, lamun bapana henteu bageur.
  • Daek macok embung dipacok
    daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung.
  • Dagang oncom rancatan emas
    ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna.
  • Dah bawang dah kapas
    tah barangna tah duitna.
  • Daluang katinggang mangsi
    Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).
  • Desa maca cara nagara mawa tata
    Ngagambarkeun yen kaayaan jeung adat kabiasaan di desa jeung kota (nagara) teh beda-beda.
  • Deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug
    pada nongton, jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian.
  • Deukeut deukeut anak taleus
    ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya.
  • Dihin pinasti, anyar pinanggih
    baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna.
  • Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban
    Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.
  • Dipiamis buah gintung
    Disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat.
  • Dipiamis buah gintung
    disangka hade jeung bageur, tapi buktina goreng jeung jahat.
  • Disakompet daunkeun, dihurun suluh
    dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda.
  • Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi
    Dialak ilik lantaran dianggap aneh.
  • Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup
    lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes.
  • Dogdog pangrewong
    bantuan anu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon.
  • Dogong dogong tulak cau, geus gede dituar batur
    ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gede dikawin batur, atuh hese greatcoat taya gawe.
  • Dosa salaput hulu
    kacida loba dosana.
  • Dulang tinande
    awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku nu jadi salami.
  • Duum tinggi
    ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya nu saeutik.
  • Elmu ajug
    pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu.
  • Elmu sapi
    samiuk (ngahiji) kana kagorengan.
  • Elmu tumbila
    nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.
  • Elok bangkong
    nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae.
  • Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh
    kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sarerea.
  • Endog tara megar kabeh
    najan saindung sabapa hneteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.
  • Galehgeh gado
    darehdeh tapi henteu terus kana hate.
  • Gancang pincang
    kulantaran digawena buru buru jeung kurang ati ati hasilna teh teu nyugemakeun.
  • Gantung denge
    hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadengekeun.
  • Gantung teureuyeun
    Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.
  • Gede gede kayu randu, dipakeke pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang, dipake pancir ngajedig
    Ngeunaan ka jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung karajinanana goreng.
  • Gede gunung pananggeuhan
    Adigung kulanatran boga kolot atawa baraya baleunghar ataw jareneng.
  • Gede gunung pananggeuhan
    Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegeden, dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung, eta jalma bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaan.
  • Getas harupateun, pingges harepan
    Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.
  • Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma
    Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug.
  • Gindi pikir belang bayah
    Goreng hate, dolim, julig, dengki.
  • Ginding kakampis
    Ari pake mah ginding ngan duit teu boga.
  • Giri lungsi tanpa hina
    Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.
  • Goong saba karia
    Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan.
  • Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi
    Euweuh anggeusna, euweuh beakna.
  • Gurat batu
    Pageuh kana jangji.
  • Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna
    Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.
  • Hade gogog hade tagog
    Hade basa jeung hade tingkah lacuna.
  • Hade ku omong goreng ku omong
    Omongan nu hade balukarna hade jeung omongan nu goreng, goreng deui balukarna.
  • Halodo sataun lantis ku hujan sapoe
    Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe.
  • Hambur bacot murah congcot
    Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuih tapi berehan sok daek barangbere dahareun.
  • Hampang birit
    gampang jeung daekan dititah.
  • Hanteu gedag bulu salambar
    Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.
  • Hapa hapa ge ranggeuyan
    Enya ari miskin tea mah, ngan lumayan da ari salaki mah boga.
  • Hapa hapa ge ranggeuyan
    Miskin miskin oge da boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan.
  • Harewos bojong
    Harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeut kalawan tetela pisan.
  • Haripeut ku teuteureuyeun
    Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram.
  • Harus omong batan goong
    Beja teh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab, kulantaran umuna sok pabeja beja.
  • Hayang untung jadi buntung
    teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih soteh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep.
  • Hejo tihang
    Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean.
  • Herang caina beunang laukna
    Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.
  • Herang caina beunang laukna
    Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri batur.
  • Herang herang kari mata, teuas teuas kari bincurang
    Bareto mah beunghar ayeuna kari miskina.
  • Heueuh heueuh bueuk
    Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung hatena.
  • Heureut deuleu pondok lengkah
    Ngagambarkeun sundek kanyaho ku sabab henteu rea babandingan da kurung batok.
  • Heurin ku letah
    Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi/ karempan.
  • Hirup ku panyukup gede ku pamere
    Hirup samahi mahi ku pamere batur bae, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.
  • Hirup nuhun paeh dirampes
    Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon.
  • Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja
    Kudu bageur kudu hade laku lampah supaya alus kacaritakeunana.
  • Hulu dugul dihihidan
    Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung.
  • Hunyur nandean gunung
    Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana.
  • Hurung nangtung siang leumpang
    Ginding karana make papakean atawa perhiasan anu aralus.
  • Ieu aing uyah kidul
    Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.
  • Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyerenkeun
    Masrahkeun sagalagalana hadena gorengna, bagja cilakana (biasana sok dipake dina seserahan).
  • Indung lembu bapa banteng
    Ti indung jeung bapa turunan menak jeung beunghar.
  • Inggis batan maut hinis
    Pohara risina, pohara paurna.
  • Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat gobang
    Inggis jeung paur kabina bina.
  • Ipis kulit beungeut
    Gede kaera.
  • Iwak nangtang sujen
    Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.
  • Jabung tumalapung sabda tumapalang
    milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.
  • Jadi maung malang
    jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awewe.
  • Jadi sabiwir hiji
    jadi carita jalma loba.
  • Jadi senen kalemekan
    mindeng dicaritakeun batur.
  • Jaman cacing dua saduit
    jaman baheula pisan.
  • Jati kasilih ku junti
    pribumi kaeehkeun ku urang asing.
  • Jauh jauh panjang gagang
    hanas jauh jauh oge dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.
  • Jauh ka bedug anggang ka dayeuh
    dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga.
  • Jauh ka bedug
    dusun,bodo, euweuh kanyaho.
  • Jawadah tutung biritna, sacarana sacarana
    unggal bangsa beda adat jeung kabiasaanana.
  • Jegjeg ceker
    greatcoat kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.
  • Jejer pasar
    lumrah bae, mun ka lalaki, kasep henteu, goreng henteu.
  • Jeung leweh mah mending waleh
    leuwih hade wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.
  • Jogjog neureuy buah loa
    mikarep ka anu lain babad.
  • Jogjog neureuy buah loa
    Milampah anu moal pihasileun.
  • Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran
    Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki.
  • Kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagara
    Kawentar pisan, kawentar kamana mana.
  • Kaciwit kulit kabawa daging
    Kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.
  • Kahieuman bangkong
    Ku ayana barang titipan di urang, urang teh nepi ka jiga beunghar katenjona ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon.
  • Kai teu kalis ku angin
    Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.
  • Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait
    Tibatan ahirna matak susah, leuwih hade dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.
  • Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung
    Kajeun teuing cape gawe asal bisa dahar kalawan cukup.
  • Kalapa bijil ti cungap
    Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak cilaka.
  • Kandel kulit beungeut
    euweuh caerأ،.
  • Katempuhan buntut maung
    Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.
  • Katumbukan catur kadatangan carita
    Loba anu embung sabab ngagedekeun jeung ngagugulukeun panyerewedan.
  • Kawas anjing kadempet lincar
    Mere parentah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek ambekan sagala.
  • Kawas budak rodek hulu
    Teu ngupama, teu ngajenan, teu ngahargaan pisan.
  • Kawas cucurut kaibunan
    Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk panon.
  • Kawas hayam keur endogan
    cilingcingcat bae, teu bisa cicing.
  • Kawas hayam panyambungan
    Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar keneh aya di eta tempat.
  • Kawas kacang ninggang kajang
    Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awewe nu keur ngambek bari nyarekan.
  • Kawas kuda leupas ti gedogan
    Bingung ku kamerdekaan, terus sakama-kama nganteur kahayang, ngalajur napsu, kulantaran euweuh anu ngageuing atawa euweuh nu nyengker.
  • Kawas lauk asup kana bubu
    Gampang asupna kana pagawean tapi pohara hesena hayang kaluar ninggalkeun eta pagawean.
  • Kawas lauk asup kana bubu
    gampang meunangna jeung asup kana hiji pagawean, tapi hese kaluarna jeung negcagkeunana eta pagawean (masalah).
  • Kawas nu mulangkeun panyiraman
    Sok nu lain lain, jeung hese ngayakeunana nu dipikayang ku jelema nu tereh ajal, kahayangna sabisabisa kudu dicumponan bae, sanajan matak ngarepotkeun ka ahlina/ kulawargana.
  • Kawas siraru jadi
    Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.
  • Kawas wayang pangsisina
    Ngeunaan jelema nu goreng rupana.
  • Kejo asak angeun datang
    Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangke deui harita keneh dilaksanakeun.
  • Keur meujeuhna bilatung dulang
    Laleutik keneh pisan keur meujeuhna bareuki dahar.
  • Keur meujeuhna hejo lembok rambay carita
    Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.
  • Keur nuju bentang surem
    keur sue,atawa tiis badan, lamun guna tani ku hama, lamun dagang terusterusan rugi bae.
  • Kiceupna sabedug sakali
    Pohara lungguhna.
  • Kiruh ti girang kiruh ka hilir
    Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna oge milu teu bener milu teu bageur.
  • Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran
    Anu saumur -umur miskin tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gede, sasarina sok kacemekanana nepi ka siga mangpang meungpeung.
  • Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam
    Kacida miskina.
  • Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang = Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan
    Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
  • Kudu bisa kabulu kabale
    Kudu bisa mawa awak.
  • Kudu bisa ngeureut neundeun
    Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.
  • Kudu bisa pindah cai pindah tampian
    Kudu bisa nyaluyukeun maneh jeung lingkungan anu anyar dicicingan.
  • Kudu boga pikir kadua leutik
    Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.
  • Kudu hade gogod hade tagog
    Hade basa jeung hade tingkah lacuna.
  • Kudu nepi memeh indit
    Kudu direncanakan kalawan asak.
  • Kujang dua pangadekna
    Hiji pagawean anu ngandung dua rupa maksud.
  • Kulak canggeum bagja awak
    Milik hade atawa goreng anu geus ditangtukeun ti ajalina keneh ku Gusti Nu Maha Suci.
  • Kumaha bule hideungna bae
    Kumaha engke bae buktina, kumaha behna.
  • Kumaha kejebur caina geletuk batuna
    kumaha jadina bae, henteu jadi pikiran.
  • Kunang kunang nerus bumi
    Ramana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir aya nu jeneng cara ramana.
  • Kuru cileuh kentel peujit
    Daek tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan junun.
  • Kurung batok
    teu resep nyanyabaan, ni’mat cicing diimah bae.
  • Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda
    arek cilaka mah ku kasalahan anu leutik oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede bae.
  • Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra
    Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug.
  • Landung kandungan laer aisan
    Gede timbanganana, gede pangampurana.
  • Langsung saur bahe carek
    Sok gampang ngagelendeng atawa nyarekan.
  • Lauk buruk milu mijah = piritan milu endogan
    pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
  • Legok tapak genteng kadek
    Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.
  • Leubeut buah hejo daun
    Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.
  • Leuleus jeujeur liat tali
    pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana.
  • Leunggeuh cau beuleum
    Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawean.
  • Leutik burih
    euweuh kawani.
  • Leutik cahak, gede cohok
    Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gede.
  • Leutik leutik ngagalatik
    Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gede, tapi leber ku wawanen.
  • Leutik ringkang gede bugang
    Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah sarerea.
  • Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet
    Hade gorengna pikiran jelema hese dikira kirana.
  • Lieuk euweuh ragap taya
    Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.
  • Loba teuing jaksa
    loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan.
  • Lodong kosong ngelentrung
    Kalah ka loba omong bae, ari pangartina mah euweuh.
  • Luhur kuta gede dunya
    Gagah tur beunghar taya kakurang.
  • Luncat mulang
    Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu.
  • Lungguh tutut
    Katenjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu.
  • Malengpeng pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwung
    Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.
  • Maliding sanak
    Henteu adil, pilih kasih.
  • Mangpengkeun kuya ka leuwi
    Nitah mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi.
  • Mapay ka puhu leungeun
    Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.
  • Marebutkeun paisan kosong
    Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.
  • Maut nyere ka congona
    Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.
  • Melengkung bekas inhalan
    Ari keur ngora keneh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur.
  • Mere langgir kalieun
    Mere naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
  • Meuli teri meunang japuh = nyair hurang meunang kancra
    kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede.
  • Meungpeun carang ku ayakan
    Nyaho yen batur teh salah atawa migawe anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.
  • Meungpeung teugeu harianeun
    Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh.
  • Miceun batok meunang coet
    Miceun nu goreng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goreng deui bae.
  • Mindingan beungeut ku saweuy
    ari hate goreng, ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan hate nu goreng tea maksudna supaya ulah kaciri tea.
  • Mipit teu amit ngala teu menta
    Maling boga batur.
  • Miyuni hayam kabiri
    Leutik burih babari sumerah eleh atawa lalaki nu babari sumerah ka awewe.
  • Moal ceurik menta eusi
    Keun bae mawa wadah anu gede oge da lain hayang loba diberena.
  • Moal neangan jurig teu kadeuleu
    arek nyekel jelema nu aya bae, moal neangan jelema nu euweuh.
  • Mobok manggih gorowong
    Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu henteu gampang pihasileun.
  • Mobok manggih gorowong
    meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.
  • Monyet kapalingan jagong
    Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah nagrinah karoroncodan.
  • Mopo memeh nanggung
    Hoream, teu sanggup samemeh prak.
  • Mun teu ngakal moal ngakeul
    mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
  • Ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara
    usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan).
  • Ngadu angklung di pasar
    papaduan nguruskeun nu euweuh mangpaatna di hareupeun jalma loba.
  • Ngadu ngadu rajawisuna
    mawakeun omongan si a ka si b jeung sabalikna, temahna si a jeung si b pasea, parerea omong.
  • Mun teu ngoprek, moal nyapek. Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah moal ngarih
    Lamun teu digawe niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.
  • Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan
    Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan/ panyabaan.
  • Mupugkeun tai kanjut
    Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.
  • Naheun bubu pahareup hareup
    dina pangabutuh silih injeuman duit.
  • Nangkeup mawa eunyeuh
    mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka urang.
  • Nangtung kariung ngadeg karageman
    Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara.
  • Nepak cai malar ceret
    Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur, supaya batur teh ragrag ngarana jeung kawentar kagorenganana.
  • Nepakeun jurig pateuh
    Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
  • Nete porot ngeumbing lesot
    Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil bae.
  • Nete semplek nincak semplak
    Kieu salah kitu salah.
  • Nete semplek nincak semplak
    Ninggang dina salah jeung rugi bae, turug turug kasusah nambahan deuih.
  • Nete taraje, nincak hambalan
    Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun teh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus kaluhur.
  • Neukteuk curuk dina pingping
    Ngadakwakeun nu lian, tapi nu ngadakwakeunana meula susah, sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.
  • Neukteuk mani anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun
    Heuras hatena teu sabar dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.
  • Neundeun piheuleut nunda picela
    Neangan pilantaraneun supaya jadi goreng supaya temahna papisahan teu ngahiji deui.
  • Ngabejaan bulu tuur
    Ngabejaan jalma nu geus nyahoeun.
  • Ngabudi ucing
    teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh.
  • Ngadagoan kuah beukah
    Ngadagoan pasesaan kadaharan (Hal ieu ngan wungkul tukang babantu di imah batur bae, anu saenyana mah ayana tukang babantu teh henteu perlu).
  • Ngadagoan uncal mabal
    Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun eta rejeki.
  • Ngadaweung ngabangbang areuy
    pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.
  • Ngadek sacekna, nilas saplasna
    Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa dikurangan.
  • Ngadeupaan lincar
    ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak dahar.
  • Ngagandong kejo susah nyatu
    loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hese nitah, euweuh nu daekeun ari dititah teh.
  • Ngagedag bari mulungan
    Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho bae.
  • Ngaliarkeun taleus ateul
    ngabeja bejakeun kagorengan atawa kajahatan batur.
  • Ngaliarkeun taleus ateul
    Ngabeja bejakeun kagorengan batur atawa kajahatan anu lian.
  • Ngarep ngarep bentang ragrag
    Ngarep-ngarep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.
  • Ngarep ngarep kalangkang heulang
    Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung sudah pihasileunana.
  • Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam
    ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan.
  • Ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri
    Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.
  • Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek
    Lamun nyokot hiji hal kudu saidin anu boga.
  • Ngeupeul ngahuapan maneh
    Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri sorangan, supaya batur welaseun jeung nulungan ka urang.
  • Nginjing sila, bengkok sembah
    goreng hate, teu satia ka anu jadi pamingpin atawa dunungan.
  • Ngodok liang buntu hese cape taya gawe, susah payah taya guna
    sanajan tihothat oge moal atawa henteu beubeunangan.
  • Ngodok liang jero
    Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput bae.
  • Ngukur ka kujur nimbang ka awak
    Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste disaluyukeun jeung pangala.
  • Ngukut kuda kuru ari geus gede sok nyepak
    Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pake hade, ngalawan ka anu jadi dunungan.
  • Ngusap birit
    bari indit kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu amit heula ka anu araya didinya.
  • Nimu luang tinu burang
    Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.
  • Nincak parahu dua
    Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.
  • Ninggang kana kekecrekna
    Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih.
  • Nini nini dikeningan, awewe randa dihiasan
    Ngamahalkeun barang naon bae anu geus ruksak.
  • Noong ka kolong
    Leutik detest, leutik pangharepan.
  • Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha
    nu hade jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu goreng.
  • Nu borok dirorojok nu titeuleum disimbeuhan
    nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri ditambah kanyerina.
  • Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan
    Nu keur susah ditambah deui kasusahna.
  • Nu burung diangklungan, nu edan dikendangan
    ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk detest sorangan eta omongan atawa carita teh salah.
  • Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang
    Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya.
  • Nuju hirup ninggang wirahma
    Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.
  • Nuturkeun indung suku
    Leumpang sakaparan-paran, ku sabab henteu puguh tujuan.
  • Nulungan anjing kadempet
    nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.
  • Nya di hurang nya dikeuyeup
    Di unggal jelema oge taya bedana, sarua bae, mungguhing wiwirang atawa katugenah hate mah boh di menak boh disomah sarua bae.
  • Nya ngagogog nya mantog
    Nya nitah ka batur nya prak kumanehna.
  • Nya picung nya hulu maung
    Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.
  • Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah
    nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar.
  • Nyair hurang meunang kancra
    Sugan the rek meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu leutik manahoreng meunang kauntungan atawa bagja anu gede.
  • Nyaliksik ka buuk leutik
    Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.
  • Nyalindung ka gelung
    Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.
  • Nyanggakeun suku genteng belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang walang
    Sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rek dihideung kari kumaha didinya bae, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa.
  • Nyanghulu ka jarian
    Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.
  • Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang
    Nyarita kudu pas, eces, ngabogaan harti.
  • Nyeri beuheung sosonggeteun
    Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol bae datang.
  • Nyeungeut damar di suhunan
    mintonkeun kakayaan, atawa barangbere supaya dipuji.
  • Nyeungseurikeun upih ragrag
    Akey akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh buuk geus bodas huntu geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning ieu the kahareup mah ku urang sarerea bakal kasorang.
  • Nyiar batuk piaraheun
    Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.
  • Nyicikeun cai, murulukeun lebu
    turun cadu (cacaduan), pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.
  • Nyieun catur taya dapur
    nganggit hiji dongeng nu teu aya galurna.
  • Nyieun heuleur jeroeun huma
    Henteu raket jeung dulur pahare-hare bae.
  • Nyieun pucuk ti girang
    pangheulana neangan piaseaeun.
  • Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait
    Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.
  • Nyiuk cai ku ayakan
    Pagawean nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon.
  • Nyium bari ngegel
    Omongannana hade ngan hate jeung maksudna goreng . Salakina dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.
  • Nyokot lesot ngeumbing porot
    Teu aya usaha anu ngahasilkeun.
  • Nyolok mata buncelik
    nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.
  • Nyuhun nanggung ngelek ngegel
    Rebo pisan, babawaanana loba naker.
  • Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju
    Menta pangampura jeung menta timbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.
  • Nyukcruk walungan mapay mapay wahangan
    Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan pancakakina.
  • Omong harus batan goong
    Beja the gancang naker nerekabna, malah sasarina mah beja anu nerekab teh leuwih hebat batan aslina.
  • Owah gingsir
    Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti pamadegan.
  • Paanteur-anteur julang

    silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina.
  • Pacikrak ngalawan merak
    Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gede.
  • Pada rubak sisi samping
    Sarua bae pada loba luangna, pada loba pangalamanana.
  • Pagirang girang tampian
    Paunggul unggul dina neangan pangupa jira (Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daek silih seblokan).
  • Paheuyeuk heuyeuk leungeun
    Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.
  • Pait daging pahang tulang
    Arang gering.
  • Pait daging pahang tulang
    cageur teu keuna ku panyakit naon bae.
  • Pakotrek iteuk
    Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.
  • Paluhur luhur diuk
    pagede gede kauntungan dina nyiar kipayah.
  • Panday tara bogaeun bedog
    Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.
  • Papadon los ka kolong
    Cidra jangji, teu nedunan jangjina.
  • Peureum kadeuleu beunta karasa
    Inget bae, teu bisa poho. Biasana mah lain kana barang tapi ka jelema anu dipikancinta.
  • Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir
    mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang.
  • Pindah cai pindah tampian
    Robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan.
  • Pinter aling laing bodo
    Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta nyeta anu bodo.
  • Pipilih meunang nu leuwih koceplak meunang nu pecak
    Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goreng.
  • Piruruhan katengahimahkeun
    Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.
  • Poek mongkleng buta rajin (atawa buta radin)
    Poek pisan.
  • Pondok jodo panjang baraya
    Saha oge jodoh urang silaturahmi kudu tetep dijaga.
  • Pupulur memeh mantun
    Menta ganjaran memeh aya jasa atawa menta buruhan memeh prak digawe.
  • Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging
    Dina cidrana anu diborehan, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.
  • Puraga tamba kadengda
    Migawe hiji pagawean henteu jeung enya enya. Henteu ngandung maksud supaya hade hasilna ieu mah pada ulah dipaido bae.
  • Raweuy beuweungeun rambay alaeun
    Loba dahareun da loba pepelakan.
  • Rumbak caringin di buruan
    dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga kolot anu mepelingan ka urang.
  • Rumbak kuntieun
    Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana detest.
  • Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum
    Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.
  • Rusuh luput gancang pincang
    Migawe naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.
  • Sabobot sapihanean
    Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka.
  • Sabuni buni anu ngising
    sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae.
  • Sagalak galakna macan taru nyatu anakna
    sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak.
  • Sagolek pangkek sacangreud pageuh
    Hanteu cidra kana jangji.
  • Saherang herangna cai beas
    Galibna hate teh hese pisan beresihna ka jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang.
  • Saherang herangna cibeas, moal herang cara cisumur
    Sasarina lamun geus aya pacengkadan sok tara hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan.
  • Sakecap kadua gobang
    Gampang ngambek jeung gampang ngadek deuih.
  • Sakiriciking duit sakocopoking bogo
    Naon bae anu matak narik kana hate urang.
  • Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu
    Sapinter pinterna murid pangartina moal ngaluhuran guru.
  • Samar polah samar rasa
    Henteu puguh tingkah upamana ku sabab tepung jeung jalma anu dipikacinta tapi kakara disidem dina detest bae, tacan bruk-brak
  • Sangsara di geusan betah
    Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawe nyiar kipayah. Anehna the ari hirup mah hayang keneh.
  • Sapu nyere pegat simpay
    Paturay papisahan.
  • Sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata sarimbangan
    Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.
  • Satengah buah leunca
    Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.
  • Satungtung deuleu
    Ngagambarkeun anu upluk-aplak lega pisan
  • Saumur nyunyuhun hulu
    Saumur hirup rumingkang di bumi alam.
  • Saungkab peundeuy
    Omongan anu pondok tur kurang manis.
  • Sengserang padung
    Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga keneh napsuna cara baheula keur ngora keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.
  • Sentak badakeun
    teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan.
  • Sereg di panto logor di liang jarum
    nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema.
  • Sereg dibuana logor diliang jarum
    Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu rame, sabab sieun, karesepna the di nu suni, nu euweuh jelema.
  • Seukeut ambeu seukeut deuleu
    loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara (keur pagawean pulisi).
  • Seukeut tambang manan gobang
    Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.
  • Seuneu hurung cai caah
    Keur ambek, keur amarah, keur napsu.
  • Seuneu hurung dipancaran
    Nu keur napsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi tambah.
  • Seungit angin-anginan
    Seungit pisan meleber ka mana-mana
  • Seuseut batan neureuy keueus
    Hese pisan.
  • Sibanyo laleur
    Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.
  • Silih jenggut jeung nu gundul
    Menta tulung ka papada anu sarua butuhna atawa sarua papada henteu boga.
  • Sirung ngaliwatan tunggul
    Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa.
  • Sosoroh ngadon kojor
    Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.
  • Tamiang meulit ka bitis
    Malindes ka diri sorangan.
  • Tamplok batokeun
    Berehan teuing nepi ka urang mah susah.
  • Taraje nangeuh dulang pinande
    Saban tugas kudu dilaksanakeun kalawan alus sarta bener.
  • Taya tangan pangawasa
    Jiga anu dipupul bayu, henteu boga tanaga.
  • Taya halodo panyadapan
    taya eureuna digelendeng atawa di dicarekan (Terus bae digelendeng atawa dicarekan).
  • Teng anak teng, anak merak kukuncungan
    sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.
  • Teu aya sarebuk samerang nyamu
    Teu aya saeutik eutik acan.
  • Teu beunang dikoet kunu keked
    Teuing ku koret, tara pisan tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah.
  • Teu boga pikir rangkepan
    Teu boga curiga saeutik eutik acan.
  • Teu busik bulu salambar
    teu regrog regrog, malah unggul dina juritna.
  • Teu cari ka Batawi tapi ka salaki
    hakan pake hayang ti salaki.
  • Teu diambeuan
    teu dipikarisi, teu dipikagimir, teu dihargaan/diajenan.
  • Teu didingding kelir
    teu dibuni buni, ditembrakeun bae, teu dirasiahkeun.
  • Teu dipiceun sasieur
    Sarua pisan teu aya bedana saeutik eutik acan.
  • Teu ditari teu ditakon
    Teu dipalire diantep bae, teu ditanya tanya acan.
  • Teu gugur teu angina
    Samemeh kajadian naon naon, teu aya pisan beja, lantaran atawa ciciren.
  • Teu jauh ti tihang juru teu anggang ti tihang tengah
    Nya goreng rupana nya goreng kalakuanana sok daek pulang paling.
  • Teu mais teu meuleum
    teu aya patalina pisan, teu pipilueun.
  • Teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan
    ngalajur napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae.
  • Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata
    Ngadenge jeung nenjo sorangan lain cenah jeung baruk.
  • Teu nyaho di alip bingkeng
    bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola.
  • Teu puguh alang ujurna
    teu puguh entep seureuhna, teu beres lain kitu kuduna.
  • Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang
    Sing wawuh tur sing hill sabab balukarna alus pisan.
  • Teui hir teu walahir, teu kakak, teu caladi teu aro aro acan
    Teu baraya, teu kaka, teu adi teu alo alo acan. Deungeun deungeun tulen.
  • Ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal
    Menta dihampura tina rumasa geus salah atawa boga dosa.
  • Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban
    Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.
  • Tiis ceuli herang mata
    ngeunah hate kulantaran ngeunah deudeuleuan jeung dedengean.
  • Tikoro andon peso
    ngadeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang.
  • Tinggar kalongeun
    Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarekan.
  • Tipu keling ragaji Inggris
    pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.
  • Titip diri sangsang badan
    Mihapekeun maneh.
  • Titirah ngadon kanceuh
    sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu leuwih gede.
  • Totopong heureut dibeber beber, tangtu soeh
    nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu bae matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana.
  • Tugur tundang cuntang gantang
    Ngajalankeun pagawean pikeun Nagara, babakti ka nagara.
  • Tunggul dirarud catang dirumpak
    Euweuh anu dipikaserab, terus bae ngalajur napsu.
  • Tunggul sirungan, catang supaan
    Aya kajadian anu goreng atawa matak teu genah ahirna.
  • Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan
    junun nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.
  • Ulah beunghar memeh boga
    ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya.
  • Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung
    Ulah sok bosenan ari ka pamajikan teh, hadena mah ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh, lain beuki lila beuki bosen tapi kudu beuki lila beuki welas asih.
  • Ulah cara ka malati kudu cara ka picung
    Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah.
  • Ulah kabawa ku sakaba-kaba
    ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna kabawa jurig, dedemit.
  • Ulah keok memeh dipacok
    Ulah sieun saacan ngalakonan.
  • Ulah leutik hate
    Ulah sieun atawa putus pangharepan.
  • Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina
    Kudu nuturkeun etika anu aya.
  • Ulah muragkeun duwegan ti luhur
    masing nyaah kana rejeki meunang hese greatcoat ladang kesang, pacuan arek dimonyah monyah.
  • Ulah ngaliarkeun taleus ateul
    Ulah nyeubarkeun fitnah.
  • Ulah ngukur baju sasereg awak
    Ulah menyimpulkan nurutkeun diri sorangan
  • Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian
    Ulah rebutan kakawasaan
  • Ulah pangkat memeh jeneng
    Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng.
  • Ulah tiis tiis jahe
    kudu iatna, kudu cingceung.
  • Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan
    Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabengbat ku rypa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade.
  • Uncal tara ridu ku tanduk
    Duduluran karumpul kabeh.
  • Ulah nyaliksik ku buuk leutik
    Ulah nyangsarakeun rakyat leutik.
  • Uyah tara tees kaluhur
    Galibna sipat indung bapa anu harade atawa anu goreng sok diturunkeun ka anak incuna.
  • Waspada permana tingal
    Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian.
  • Wiwirang di kolong catang nya gede nya panjang
    wiwirang nau pohara gedena.
Baca Juga :   Pernyataan Berikut Yang Paling Tepat Terkait Tekanan Benda Adalah


Artikel yang Berkaitan

viii komentar:

Jauh Ka Bedug

Source: https://bandung.blogspot.com/2012/07/kumpulan-pribahasa-babasan-paribasa.html